Kangge Bapak anu janten pejabat
Sareng anu tos lami ngajabat
Anu sok angkat ka salon kangge creambat
Miara kumis dugi ka lebat
Sareng proyek pangwangunan anu sok di embat
Anu teu dipikaresep silaing bisa ngababat
Angkat ka padamelan sok telat
Cik perhatoskeun rakyat anu geus sakarat
Bantuan kangge rakyat ulah sok di embat
Bisi jadi matak busiat
Hirup rakyat geus tersumbat
Ulah ngan wungkul pinter berdebat
Jeung resep nyatu soto babat
Bilih gaduh panyawat kronis anu dongkap ngahambat
Anu antukna unggal dinten kudu nginum obat
Saencan terlambat burukeun geura tobat
Sing jadi pajabat anu gaduh pendirian hebat
Supados bagja dunia akherat