Selasa, 30 November 2010
pribahasa sunda
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
---
Adat kakurung ku iga:
Adat nu hese digantina.
---
Adean ku kuda beureum:
Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
---
Adigung adiguna:
Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
---
Aya astana sajeungkal:
Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
---
Aya jalan komo meuntas:
Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
---
Aya bagja teu daulat:
Arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
---
Aya Peurah:
Aya komara, aya harega, aya pangaji.
---
Ayakan tara meunang kancra:
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
---
Akal koja:
Pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
---
Aku panggung:
darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
---
Aku aku angga:
Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
---
Aki aki tujuh mulud:
Lalaki nu geus kolot pisan.
---
Alak paul:
Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
---
Alak alak cumampaka:
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
---
Alus panggung:
alus laur hade ome, Tegep dedeg pangadegna.
---
Ambek nyedek tanaga midek:
Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
---
Anak merak kukuncungan:
Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkrun ku kolotna.
---
Anak puputon:
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
---
Anjing ngagogogan kalong:
Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
---
Aub payung, sabet panon, sabasoba:
Wewengkon, ngeunaan tanah.
---
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed:
Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
---
Asa ditonjok congcot:
Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
---
Asa nanggeuy endog beubeureumna:
Kacida nyaahna.
---
Asa potong leungeun katuhu:
Leungiteu jalma nu pohara hade gawena.
---
Ati mungkir beungeut nyinghareup:
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
---
Ambekna sakulit bawang:
Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
---
Aya jalan komo meuntas:
Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
kalaksanakeun.
---
Asa dijual payu:
Ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
---
Anjing ngagogogan kalong:
Mikahayang nu moal baka; kasorang.
---
Anak merak kukuncungan:
Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
---
Asa ditumbu umur:
Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
---
Aya jalan komo meuntas:
Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
---
Asa nyanghulu ka jarian:
Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
---
Aya di sihung maung:
Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
---
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna:
Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
---
Beuteung anjingeun:
Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
---
Belang bayah gindi pikir:
Boga pikiran goreng ka papada kawula.
---
Baleg tampele:
Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
---
Bali geusan ngajadi:
Tempat dilahirkeun.
---
Balung kulit kotok meuting:
Teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
---
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan:
Beak karep ku rido jeung beresih hate.
---
Banda tatalang raga:
Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
---
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok:
Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
---
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana:
Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
---
Beureum paneureuy:
Seuseut batan neureuy keueus, Hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
---
Beurat birit:
Hese jeung sungkan dititah.
---
Biwir nyiru rombengeun:
Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
---
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah:
Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
---
Bobo sapanon carang sapakan:
Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
---
Bobor karahayuan:
Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
---
Buluan belut, jangjangan oray:
Pamohalan kajadian.
---
Bungbulang tunda:
Tunda talatah.Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
---
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang:
Ginding, loba pakean anu aralus dipake.
---
Buburuh nyatu diupah beas:
Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
---
Buruk buruk papan jati:
Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
---
Bonteng ngalawan kadu:
Nu leutik ngalawan nu gede.
---
Buntut kasiran:
Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
---
Biwir nyiru rombengeun:
Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
---
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah:
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
---
Bluk nyuuh blak nangkarak:
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
---
Bilih aya tutus bengkung:
Bisi salah pokpokanana.
---
Cara bueuk meunang mabuk:
Ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh
kahayang sabab era tawa sieun.
---
Ciri sabumi cara sadesa:
Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
---
Caang bulan dadamaran:
Migawe nu kurang mangfaat.
---
Cara jogjog mondok:
Carekcok bae, mani gandeng naker.
---
Cara gaang katincak:
Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
---
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok:
Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.
---
Ceuli lentaheun:
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
---
Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung:
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
---
Cacag nangkaeun:
Hanteu beres, hanteu rata.
---
Cecendet mande kiara:
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
---
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung:
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
---
Cangkir emas eusi delan:
Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
---
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok:
Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila-lila jadi bisa.
---
Cicing dina sihung maung:
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
---
Clik putih clak herang:
Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
---
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna:
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
---
Dipiamis buah gintung:
Disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
---
Daek macok embung dipacok:
Daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
---
Dagang oncom rancatan emas:
Ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
---
Dah bawang dah kapas:
Tah barangna tah duitna.
---
Disakompet daunkeun, dihurun suluh:
Dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
---
Deugdeug tanjeuran:
Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
---
Deukeut deukeut anak taleus:
Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
---
Dihin pinasti, anyar pinanggih:
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
---
Dogdog pangrewong:
Bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
---
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur:
Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
---
Dosa salaput hulu:
Kacida loba dosana.
---
Duum tinggi:
Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik.
---
Dipiamis buah gintung:
Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
---
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban:
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
---
Daluang katinggang mangsi:
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
---
Dihin punasti anyar pinanggih:
Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
---
Deukeut deukeut anak taleus:
Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti bareto, yen eta the baraya.
---
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi:
Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
---
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup:
Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
---
Elmu ajug:
Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
---
Elmu sapi:
Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
---
Elmu tumbila:
Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
---
Elok bangkong:
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
---
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh:
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
---
Endog tara megar kabeh:
Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
---
Galehgeh gado:
Darehdeh tapi henteu terus kana hate:
---
Gancang pincang:
Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
---
Gantung denge:
Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
---
Gantung teureuyeun:
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
---
Gede gunung pananggeuhan:
Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
---
Gede gede kayu randu, doake pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig:
Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
---
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma:
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
---
Gindi pikir belang bayah:
Goreng hate, dolim, julig, dengki.
---
Ginding kakampis:
Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
---
Giri lungsi tanpa hina:
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
---
Goong saba karia:
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
---
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi:
Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
---
Gurat batu:
Pageuh kana jangji.
---
Getas harupateun, pinggeus harepan:
Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
---
Ginding kakampis:
Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga.
---
Gindi pikir belang bayah:
Boga pikiran goreng ka papada kawula.
---
Gede gunung pananggeuhan:
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
---
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna:
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
---
Giri lungsi tanpa hina:
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
---
Hampang birit:
Gampang jeung adekan dititah.
---
Hayang untung jadi buntung:
Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
---
Hade gogog hade tagog:
Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
---
Hambur bacot murah congcot:
Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
---
Handap lanyap:
Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
---
Hirup nuhun paeh dirampes:
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
---
Hapa hapa ge ranggeuyan:
Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
---
Harewos bojong:
Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
---
Harus omong batan goong:
Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
---
Hejo tihang:
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
---
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang:
Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina
---
Herang caina beunang laukna:
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
---
Hanteu gedag bulu salambar:
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
---
Heueuh heueuh bueuk:
Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
---
Heurin ku letah:
Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/karempan
---
Haripeut ku teuteureuyeun:
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
---
Hirup dinuhun paeh dirampes:
Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
---
Hirup ku panyukup gede ku pamere:
Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
---
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja:
Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
---
Hulu dugul dihihidan:
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
---
Hunyur nandean gunung:
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
---
Hurung nangtung siang leumpang:
Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
---
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe:
Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
---
Herang caina beunang laukna:
Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
---
Heurin ku letah:
Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna.
---
Hapa hapa ge ranggeuyan:
Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
---
Hurung nagtung siang leumpang:
Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug resep ngaginding.
---
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang:
Inggis jeung paur kabina bina
---
Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun:
Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
---
Indung lembu bapa banteng:
Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
---
Inggis batan maut hinis:
Pohara risina, pohara paurna.
---
Ipis kulit beungeut:
Gede kaera.
---
Iwak nangtang sujen:
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
---
Ieu aing uyah kidul:
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
---
Jauh ka bedug:
Dusun,bodo, euweuh kanyaho.
---
Jabung tumalapung sabda tumapalang:
Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
---
Jadi maung malang:
Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
---
Jadi senen kalemekan:
Mindeng dicaritakeun batur.
---
Jadi sabiwir hiji:
Jadi carita jalma loba.
---
Jaman cacing dua saduit:
Jaman baheula pisan.
---
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh:
Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
---
Jati kasilih ku junti:
Pribumi kaeehkeun ku urang asing.
---
Jawadah tutung biritna,sacarana sacarana:
Unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
---
Jejer pasar:
Lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
---
Jegjeg ceker:
Cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
---
Jeung leweh mah mending waleh:
Leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
---
Jogjog neureuy buah loa:
Mikarep ka anu lain babad.
---
Jauh jauh panjang gagang:
Hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
---
Jati kasilih ku junti:
Pribumi kaelehkeun ku semah (urang asing), upamana dina nyiar kipayah.
---
Jogjog neureuy buah loa:
Milampah anu moal pihasileun.
---
Kurung batok:
Teu resep nyanyabaan, ni*mat cicing diimah bae.
---
Kuer nuju bentang surem:
Keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
---
Kandel kulit beungeut:
Euweuh kaera.
---
Kawas lauk asup kana bubu:
Gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
---
Kawas hayan keur endogan:
Ciling cingcat bae, teu bisa cicing.
---
Kahieuman bangkong:
Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
---
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung:
Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
---
Kalapa bijil ti cungap:
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
---
Kai teu kalis ku angin:
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
---
Kawas kacang ninggang kajang:
Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
---
Kejo asak angeun datang:
jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
---
Keur meujeuhna bilatung dulang:
Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
---
Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita:
Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
---
Kiruh ti girang kiruh ka hilir:
Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
---
Kiceupna sabedug sakali:
Pohara lungguhna.
---
Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran:
Anu samumur umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
---
Kokoro Nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam:
Kacida miskinna.
---
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang, Lauk buruk milu mijah, Piritan milu endogan:
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
---
Kawas kuda leupas ti gedogan:
Bingung ku kamerdekaan, terus sakama kama nganteur kahayang, ngalajur nafsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
---
Kujang dua pangadekna:
pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
---
Kudu bisa ngeureut neundeun:
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
---
Kudu boga pikir kadua leutik:
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
---
Kulak canggeum:
Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
---
Kaciwit kulit kabawa daging:
Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
---
Kumaha bule hideungna bae:
Kumaha engke bae buktina.
---
Kunang kunang nerus bumi:
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
---
Kuru cileuh kentel peujit:
Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
---
Kawas lauk asup kana bubu:
Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
---
Kawas anjing kadempet lincar:
Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
---
Kawas budak rodek hulu:
Teu ngupama, teu ngajenan, teungahargaan pisan.
---
Kawas hayam panyambungan:
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
---
Kawas nu mulangkeun panyiraman:
Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/kulawargana.
---
Kawas siraru jadi:
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
---
Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran:
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
---
Kawas nanggeuy endog beubeureumna:
Nyaah teu aya wates wangena, balukarna paur bae nu aya teh, bisi jelema anu dipikanyaah tea pinanggih jeung kasusahan.
---
Katempuhan buntut maung:
Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
---
Kumaha kejebur caina geletuk batuna:
Kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
---
Katumbukan catur kadatangan carita:
Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
---
Kaceluk ak awun awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara:
Kawentas pisan, kawentar kamana mana
---
Kawas cucurut kaibunan:
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
---
Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait:
Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
---
Kawas wayang pangsisina:
Ngeunaan ka jelema, goreng rupana.
---
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda:
Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
---
Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan:
pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
---
Leutik burih:
Euweuh kawani.
---
Loba teuing jaksa:
Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
---
Leuleus jeujeur liat tali:
Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
---
Legok tapak genteng kadek:
Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
---
Legok tapak genteng kadek:
Loba luangna, loba pangalamanana.
---
Landung kandungan laer aisan:
Gede timbanganana, gede pangampurana.
---
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra:
Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
---
Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan:
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng katenjona.
---
Leubeut buah hejo daun:
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
---
Leuleus Jeujeur liat tali:
Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil.
---
Leunggeuh cau beuleum:
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
---
Leutik leutik ngagalatik:
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
---
Leuteik ringkang gede bugang:
Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
---
Leutik cahak, gede cohok:
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
---
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet:
Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
---
Lieuk euweuh ragap taya:
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
---
Lodong kosong ngelentrung:
Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
---
Luhur kuta gede dunya:
Gagah tur beunghar taya kakurang.
---
Lungguh tutut:
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
---
Luncat mulang:
Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
---
Hade ku omong goreng ku omong:
Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
---
Langsung saur bahe carek:
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
---
Ngagulkeun luluhur sorangan:
Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
---
Mindingan beungeut ku saweuy:
Ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
---
Mobok manggih gorowong:
Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
---
Mun teu ngakal moal ngakeul:
Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
---
teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra:
Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
---
Moal neangan jurig teu kadeuleu:
Arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
---
Miyuni hayam kabiri:
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
---
Mere langgir kalieun:
Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
---
Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan:
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
---
Manan Leweh mending waleh:
Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
---
Mangpengkeun kuya ka leuwi:
mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
---
Maliding sanak:
Hanteu adil, pilih kasih.
---
Mopo memeh munggang:
Hoream, teu sanggup samemeh prak. Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul.
---
Mun teu ngarah moal ngarih:
Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
---
Moal ceurik menta eusi:
Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
---
Monyet kapalingan jagong:
Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
---
Maut nyere ka congona:
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
---
Marebutkeun paisan kosong:
Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
---
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung:
Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
---
Mapay ka puhu leungeun:
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
---
Meungpeun peureum ku ayakan:
Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
---
Meungpeung teugeu harianeun:
Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
---
Neukteuk curuk dina pingping:
Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
---
Mipit teu amit ngala teu menta:
Maling boga batur.
---
Maling boga batur:
Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
---
Mupugkeun tai kanjut:
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
---
Ngajul bulan ku asiwung, Mesek kalapa ku jara:
Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
---
Ngadu angklung di pasar:
Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa*atna di hareupeun jalma loba.
---
Ngadu ngadu rajawisuna:
Mawakeun omongan si A ka si B jeung sabalikna, temahna si A jeung si B pasea, parerea omong.
---
Ngagulkeun payung butut:
Ngagulkeun luluhur sorangan.
---
Nulungan anjing kadempet:
Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
---
Ngadaweung ngabangbang areuy:
Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
---
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha:
Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
---
Ngaliarkeun taleus ateul:
Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
---
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam:
Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
---
Nginjing sila, bengkok sembah:
Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
---
Ngusap birit, bari indit:
Kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
---
naheun bubu pahareup hareup:
Dina pangabutuh silih injeuman duit.
---
Ngabudi ucing:
Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
---
Ngodok liang buntu:
Hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
---
Nyolok mata buncelik:
Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
---
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan:
Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
---
Nu borok dirorojok, Nu titeuleum disimbeuhan:
Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
---
Nyeungeut damar di suhunan:
Mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
---
Nyieun catur taya dapur:
Nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
---
Ngadeupaan lincar:
Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
---
Nyieun pucuk ti girang:
Pangheulana neangan piaseaeun.
---
Nangkeup mawa eunyeuh:
Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
---
Ngagandong kejo susah nyatu:
Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
---
Nyium bari ngegel:
1. Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng. 2. salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
---
Ngagedag bari mulungan:
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
---
Nyalindung ka gelung:
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
---
Nya ngagogog nya mantog:
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
---
Nyieun heuleur jeroeun huma:
Henteu raket jeung dulur pahare hare bae.
---
Nyanghulu kajarian:
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
---
Nya di hurang nya dikeuyeup:
Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
---
Ngadek sacekn, nilas saplasna:
Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
---
Ngarep ngarep kalangkang heulang:
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
---
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri:
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
---
Ngarep ngarep bentang ragrag:
Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
---
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan:
Ngahamina carita tukang wadul.
---
Ninggang kekecrak:
Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
---
Ngeupeul ngahuapan maneh:
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
---
Ngodok liang jero:
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
---
Ngadagoan kuah beukah:
Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)
---
Ngukur ka kujur nimbang ka awak:
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
---
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak:
Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
---
Nete porot ngeumbing lesot:
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
---
Ngaliarkeun taleus ateul:
Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
---
Nimu luang tinu burang:
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
---
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan:
Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
---
Nyeri beuheung sosonggeteun:
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
---
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait:
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
---
Ngadagoan uncal mabal:
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
---
Nincak parahu dua:
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
---
Nya picung nya hulu maung:
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
---
Nyalindung ka gelung:
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hese jeung cape.
---
Nyieun pucuk ti girang:
Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran.
---
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan:
Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
---
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah:
Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
---
Nyaliksik ka buuk leutik:
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
---
Nyair hurang meunang kancra:
Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
---
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang-walang:
Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
---
Nete semplek nincak semplak:
Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
---
Nyeungeut damar di suhunan:
Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung koret deuih.
---
Nyeungseurikeun upih ragrag:
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
---
Nyiar batuk piaraheun:
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
---
Nyiuk cai ku ayakan:
Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
---
Nyuhun nanggung ngelek ngegel:
Rebo pisan, babawaanana loba naker.
---
Ngaliarkeun taeus ateul:
Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka sarerea.
---
Nangtung kariung ngadeg karageman:
Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
---
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang:
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
---
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju:
Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
---
Nepakeun jurig pateuh:
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
---
Nepakeun jurig pateuh:
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
---
Nete taraje, nincak hambalan:
Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
---
Nete semplek nincak semplak:
Kieu salah kitu salah.
---
Nepak cai malar ceret:
Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
---
Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun:
Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
---
Neundeun piheuleut nunda picela:
Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
---
Nyicikeun cai, murulukeun lebu:
Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
---
Nyokot lesot ngeumbing porot:
Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
---
Nyolok mata buncelik:
Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana.
---
Nuju hirup ninggang wirahma:
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
---
Noong ka kolong:
Leutik hate, leutik pangharepan.
---
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan:
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
---
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan:
Ngahamina carita tukang wadul.
---
Nepakeun jurig pateuh:
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
---
Omong harus batan goong:
Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
---
Owah gingsir:
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
---
Paanteur anteur julang:
Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
---
Pait daging pahang tulang:
Cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
---
Paluhur luhur diuk:
Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
---
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir:
Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
---
Pagirang girang tampian:
Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan.
---
Pakotrek iteuk:
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
---
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak:
Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
---
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging:
Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
---
Paheuyeuk heuyeuk leungeun:
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
---
Papadon los ka kolong:
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
---
Pait daging pahang tulang:
Carang gering.
---
Panday tara bogaeun bedog:
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
---
Pacikrak ngalawan merak:
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
---
Pelengkung bekas nyalahan:
Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
---
Peureum kadeuleu beunta karasa:
Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
---
Pipilih meunang nu leuwih koteplak meunang nu pecak:
Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
---
Pinter aling laing bodo:
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
---
Puasa manggih lebaran:
Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa
manggih rejeki anu gede.
---
Pupulur memeh mantun:
Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
---
Puraga tamba kadengda:
Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
---
Pada rubak sisi samping:
Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
---
Piruruhan katengahimahkeun:
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
---
Pagirang girang tampian:
Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.
---
Pida cai pindah tampian:
Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
---
Rumbak kuntieun:
Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
---
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum:
Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
---
Raweuy beuweungeun rambay alaeun:
Loba dahareun da loba pepelakan.
---
Rusuh luput gancang pincang:
Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
---
Rumbak caringin di buruan:
Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
---
Seukeut ambeu seukeut deuleu:
Loba matamatana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
---
Sentak badakeun:
Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
---
Sabuni buni anu ngising:
Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu knyahoan bae.
---
Sereg dipanto logor diliang jarum:
Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
---
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna:
Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
---
Saherang herangna cai beas:
Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
---
Sakecap kadua gobang:
Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
---
Sakririciking duit sakocopoking bogo:
Naon bae anu matak narik kana hate urang.
---
Sibanyo laleur:
Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
---
Satengah buah leunca:
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
---
Sapu nyere pegat simpay:
Paturay papisahan.
---
Saumur nyunyuhun hulu:
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
---
Sengserang padung:
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
---
Sagolek pangkek sacangreud pageuh:
Hanteu cidra kana jangji.
---
Seuneu hurung dipancaran:
Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
---
Saungkab peundeuy:
Omongan anu pondok tur kurang manis.
---
Sabobot sapihanean:
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
---
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu:
Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
---
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan:
Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
---
Sangsara di geusan betah:
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
---
Sereg dibuana logor diliang jarum:
Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
---
Seuneu hurung cai caah:
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
---
Seuseut batan neureuy keueus:
Hese pisan
---
Sirung ngaliwatan tunggul:
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
---
Sosoroh ngadon kojor:
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
---
Seukeut tambang manan gobang:
Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
---
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur:
Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
---
Teu puguh alang ujurna:
Teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
---
Teu diambeuan:
Teu dipikarisi, teu dipikagimir.
---
Tikoro andon peso:
Ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
---
Tototpong heureut dibeber beber, tangtu soeh:
Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
---
Teu mais teu meuleum:
Teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
---
Teu nyaho di alif bingkeng:
Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
---
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan:
Ngalajur nafsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
---
Teu busik bulu salambar:
Teu rogreg rogreg, malah unggul dina juritna.
---
Teu didingding kelir:
Teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
---
Teu gugur teu angin:
Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
---
Taya halodo panyadapan:
Terus bae digelendeng atawa dicarekan.
---
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan:
Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
---
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata:
Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
---
Tinggar kalongeun:
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
---
Teu beunang dikoet kunu keked:
Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
---
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan:
Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
---
Teu aya sarebuk samerang nyamu:
Teu aya saeutik eutik acan.
---
Teu mais teu meuleum:
Teu pipilueun teu aya patalina naon naon.
---
Tunggul diparud catang dirumpak:
Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
---
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban:
Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
---
Teu boga pikir rangkepan:
Teu boga curiga saeutik eutik acan.
---
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan:
Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
---
Taya halodo panyadapan:
Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan.
---
Titip diri sangsang badan:
Mihapekeun maneh.
---
Teu dipiceun sasieur:
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
---
Tamiang meulit ka bitis:
Meunang wirang ku lantaran ngucah ngaceh rasiah batur.
---
Tamplok batokeun:
Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
---
Teu ditari teu ditakon:
Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
---
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah:
Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
---
Tiis ceuli herang mata:
Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean
---
Tipu keling ragaji Inggris:
Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
---
Titirah ngadon kanceuh:
Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
---
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki:
Hakan pake hayang ti salaki.
---
Tugur tundang cuntang gantang:
Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
---
Tunggul sirungan, catang supaan:
Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
---
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang:
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
---
Ulah kabawa ku sakabakaba:
Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
---
Ulah beunghar memeh boga:
Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
---
Ulah tiis tiis jahe:
Kudu iatna, kudu cingceung.
---
Ulah muragkeun duwegan ti luhur:
Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
---
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan:
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
---
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung:
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
---
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung:
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
---
Uyah tara tees kaluhur:
Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
---
Ulah pangkat memeh jeneng:
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
---
Uncal tara ridu ku tanduk:
Duduluran karumpul kabeh.
---
Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang:
Wiwirang nu pohara gedena.
---
Waspada permana tingal:
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian
---
Selasa, 23 November 2010
Pupujian Sunda
Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang solat berjamaah ……………
Estu kawajiban urang ker di dunia
Kanggo pibekelen jaga di akherat
Anu ngalanggengken solat berjamaah
Eta aya lima rupa kauntungannana
Hiji dilengitkeun kapakirannana
Dua dilengitkeun siksaan kuburna
Tilu dibere buku tikatuhuna
Opat bakal ngaliwatanna cukangna
Cara kilat nyamber bawaning kilat lepasna
Lima teu dihisab asup ka surgana.
2. Babawaan Kajero Kubur
Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul
Hiji sodakoh jariah iklas kerna Allah
Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat
Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun te weleh-weleh
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
3. Ciri nu Ngabakti Kayangwidi
Sorban sanes ciri haji sanes ciri pa kiai
Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka yangwidi
Jilbab sanes ciri santri sanes ciri bias ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti kayang widi
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageng pisan
Saenyana eta malaikat ngabeberkeun dua jangjangna
Maka eta digampilkeun asup ka surga nu langgeng.
4. Tobat ka Gusti
Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat kanaraka teu ka duga
Lain tobat abdi the hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.
5. Sarat Wajib Saum
Ari sarat wajib saum
Sing apal heh sepuh anom
Aya lima hiji islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat
Lalakon dua marhalat.
6. Muji Jeung Solawat ka Nabi
Nabi urang sarerea
Kayang Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab kures nya bangsana
Ramana Sayid Abdullol
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeub di Mekah
Wengi senen tauh gajah
Medal Nabi akhir jaman
Pisan-pisan ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada raruksakan
Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna.
7. He Djat Anu Kuat
He djat anu lewih kuat
Nu gagah nu perkasa
Mugia gusti ngajaga
Ti jalma anu dolim dosa
He Allah anu Maha Mulia
Ka anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pang raksa
He Allah anu ngamankeun
Ka abdi tina kasieun
Mugi gusti nyalametkeun
Ka abdi tinu kasiksa
Gusti Allah anu Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi
8. Gusti Ngahampura Dosa
Yaro bibil mustopa
Balig makol sidana
Wagpirlana mamado
Yawa siar karomi
Gusti muga kanjeng Nabi
Maksud abdi dugikeun
Dosa abdi hampura
Sipat nu berehan pisan.
9. Anak Adam
Anak adam di dunia mayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia teh moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan
Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa
Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ema abdi keeng
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur the poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur the maca quran.
10. Ka Utamaan Solat Berjamaah
Eling-eling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya menang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur tea
Arapalkeun ku sadaya umat islam
Arapalkeun ku sadayana umat islam
Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran setan.
Dongeng Sunda
1. Hayam Kongkorongok Subuh
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
2. Gagak Jadi Hideung
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.
3. Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina.
Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda.
Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
- Bahasana : Lemes
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.
4. Cai Laut Asin
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Cai Laut Asin
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
- Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
- Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.
5. Kuya Ngagandong Imahna
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
- Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
- Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.
6. Dongeng Jurig
Cai laut anu mimiti pasang mimiti ngarayap ka girang. Di beulah kulon layung kari sadalis. Geuleuyeung, Mang Linta nyorongkeun sampanna ka tengah kali, diwelah lalaunan. Teu lila ge nepi ka handapeun ranggon.
Sabot nalikeun sampanna kana tihang ranggon parantina, layung tilem dina poékna peuting.
Barang nyedek ka isa, poék mani meredong. Pantes bé da bulan kolot, manjing ka lilikuran. Jaba geus ti beurang kénéh teduh angkleung-angkleungan, kos geus deukeut ka usum hujan.
Di saung ranggonna, di tengah kali, Mang Linta nganco dicaangan ku lampu gantung nu caangna mérékététét. Pikirna, sugan peuting ieu mah loba hurang nu kabawa palid ku cai pasang. Bari memener tali ancoanana,
pangangguran manehna nelek-nelek ranggon-ranggon nu séjén. Katoong paroék. Aya gé ka beulah girangna, célak-célak. Ka marana nu ngaranco téh? Gerentes Mang Linta.
Geus tilu kali ngangkat, encan baé nyugemakeun haténa. Kalah hayoh wé boboso nu kasair ku ancona téh. Geus lima. Rada beulah kénca – okosna mah rada beulah sisi –kadéngé ku Mang Linta kos aya nu keur ngajala.
Manéhna ngintip tina sela-sela hateup ranggon. Enya bé, aya sampan nu keur ngajala, dicaangan ku lampu cempor nu dibawana. Ngan teuing saha-sahana mah, da ku Mang Linta jelemana ngan katempo belegbegna. Tetempoan Mang Linta mah aya duaan, kos awéwé jeung lalaki. Lalakina nu nébar-nébarkeun jalana, awéwéna mupulan beubeunanganana. Biasana mah nu sok duaan ngajala jeung pamajikanana mah Si Jaé. Kitu sangkaan Mang Linta téh.
Diitung-itung, sakitu geus sababaraha kali ngangkat, can aya nu mucekil baé. Bisa diitung ku ramo angkatan nu ayaan mah. Lolobana mah ngeplos deui ngeplos deui. Caina geus tiis deui kitu? Gerentes Mang Linta. Tapi
barang tungkul ka handap, kaciri kénéh nyéotna cai pasang téh ka girangkeun. Boborélakan. Ceuk itungan mah, tangéh kénéh kana surut. Didédéngékeun deuih ku Mang Linta téh, sugan aya kécépét-kécépét tenggak hurang. Bet euweuh pisan. Nu loba kadéngé mah kalah ka tenggak lauk, mani kukucibekan di ditu di dieu. Kos lauk galedé deuih tina sora tenggakna mah. Piuntungeun nu ngajala.
Mang Linta tungtungna mah lelenggutan, kateluh ku tunduh. Awakna ngajoprak, ngaréngkol dina palupuh ranggon. Tadi téh kuduna mah manéhna hanjat, tapi kapaksa nagen-nagenkeun manéh. Ari rék balik, korang pan kosong kénéh. Ceuk pikirna, boro-boro bisa setor keur urang dapur, keur ududna sorangan gé can tangtu mahi. Sugan rada peuting turunna hurang téh. Nu matak tuluy ku manéhna ditungguan, ngahagalkeun balik rada telat.
Di ranggon ancoan nu di girang téa, anu lampuna célak-célak, ayeuna mah geus pareum, tandaning geus euweuh nu nungguan. Boa kari manéhna anu masih nagen téh. Tungtungna mah Mang Linta kateluh ku tunduh. Ari hurang ager bé euweuhan.
Hiji mangsa Mang Linta ngulisik, kagandéngan ku sora kukucuprakan gigireun ranggonna. Manéhna gigisik. Lol ka luar, béntang timur geus lingsir ngétan. Piraku Si Jaé can hanjat mah, sakieu wayah geus deukeut ka janari leutik? Rét ka lampu gantung, geus pareum. Ku angin okosna mah. Ancoanana ngeueum kénéh, teu kaangkat-angkat da kasaréan.
Manéhna memener sila bari ngaringkebkeun deui sarungna kana awak, nutupan hawa tiris nu nyelesep. Lol deui, nolokeun sirahna tina lawang ranggon, hayang sidik ka sora nu kukucuprakan. Enya bé aya parahu, teu jauh ti ranggon ranggonna. Barang manéhna rék nyorowok, rék nanya saha-sahana nu di parahu, ari gujubar téh, sora aya barang beurat nu dijubarkeun ka cai. Mang Linta kerung, tuluy nyidik-nyidik deui. Ditenget-tenget téh, belegbeg parahu teu robah-robah ayeuna mah, kos nu dijangkarkeun. Rét manéhna ka handap, cai geus nyéot palid ka hilir. Ari parahu angger nagen, padahal diwelah gé henteu. Teu katempo aya gantar deuih. Okosna mah tadi nu ngagujubar téh enya sora jangkar nu dialungkeun ka kali.
Beuki heran baé Mang Linta téh. Sisinarieun aya nu paparahuan peuting-peuting bari jajangkaran sagala. Ilok nu rek ngajala atawa mancing mah? Sakieu wayah geus liwat tengah peuting. Kitu gerentes Mang Linta.
Sajongjongan mah, hayoh baé manéhna nelek-nelek parahu. Sugan enya nu rék ngajala. Jeung mun enya jelemana wawuh, rék digeroan.
Tapi ditutungguan téh, ti lebah parahu teu kadéngé sora-sora ranté jala. Boa nu mancing. Ah, enya meureun nu mancing, da katempo tina belegbegna mah kalah ka dariuk. Tapi teu lumrah deuih wayah kieu aya nu
mancing, komo di tengah mah, gerentesna deui. Biasana gé malem Minggu loba nu mancing mah. Kitu gé naragogna téh di sisi kali bae, atawa dina parahu nu dicangcangkeun di sisi muara. Langka anu ngahaja ka girang mah. Pan ayeuna mah karak malem ..... Mang Linta nginget-nginget poé. Juma’ah ayeuna téh. Enya Juma’ah. Aéh, naha aing poho-poho teuing, gerentes Mang Linta kos nu reuwas. Paingan batur-batur aing teu ngaranco, da malem Juma’ah, gerentesna deui. Tapi leuwih ngarénjag Mang Linta téh, barang ti lebah parahu nu buang jangkar téa, kadéngé sora awéwé nyikikik.
Aya kana saparapat jamna Mang Linta samar polah di jero ranggonna. Rék ngangkat ancoan, bébérés terus hanjat, sieun ngagareuwahkeun anu keur otél dina parahu. Hanjakal teu hanjat ti tatadi. Mun ti tatadi mah, waktu nu dina parahu karak jol ka dinya, moal éra atawa sieun kos ayeuna meureun mun rék hanjat téh. Ayeuna mah, sasat manéhna geus nyaksian jeung nyaho sagala rupana nu dipilampah ku awéwé jeung lalaki nu otél dina parahu téa. Atuh ari rék kaluar ti ranggon téh ayeuna mah jadi serba salah. Leuheung lamun ituna teu nanaon ka manéhna. Kumaha lamun malik nuding ngintip ka manéhna. Eta deuih, bet kabina-bina teuing nu di parahu téh, kos teu boga curiga nanaon. Parangsana aman bé meureun, da aya di tengah-tengah kali.
Tungtungna mah Mang Linta kalah ka ngahéphép baé di ranggon. Rék ngangkat ancoan gé teu wanieun, da ngeueum ti saméméh kapulesan. Panonna rét deui rét deui ka lebah parahu. Najan enya ukur reyem-reyem,
tapi tina sora jeung robah-robahna nu ngabelegbeg mah, kaciri pisan, keur naon nu di parahu téh. Wayah beuki nyedek ka janari. Hawa beuki nyecep kana kulit.
Tungtungna mah Mang Linta ngarasa kaluman. Cindeten baé téh matak ngeselkeun baé haténa. Pitunduheun gé ngadadak musna. Antukna manéhna mikir, rék néangan jalan sangkan aya alesan bisa ninggalkeun ranggon. Rét kana ancoan anu masih kénéh ngeueum. Rét deui kana parahu nu buang jangkar. Sora-sora nu matak géték kana ceulina, terus baé kadéngé. Mun aing téh bisa ngaleungit, gerentesna.
Ah, rék lah-lahan baé, gerentesna deui. Ceg kana gagang ancoan. Saméméh ancoan diangkat, manéhna narik napas heula, kos keur ngawahan. Bari ngarérét ku juru panonna ka lebah parahu, jurungkunung ancoanana
diangkat. Waringna dijungjungkeun ka luhur bari digibrig-gibrig. Séah caina nyurulung. Ti dinya mah manéhna teu wanieun deui nempo ka lebah parahu. Nagen bé sajongjongan mah, bari nahan gagang ancoan sina angger ngajungjung. Dadana mah gegebegan, bareng jeung ngerecekna sora cai nu masih nyurulung tina waring anco. Rét kana eusi anco, rada mondoyot. Ditelek-telek rada ayaan. Talina gancang dikenyang, ngarah eusi anco téh arasup kana bubu handapeunana. Kerud téh, gerentes Mang Linta, ari geus wayah kieu karak ayaan.
Karak saenggeus sora kerecek cai jempé, jeung saenggeus gagang anco ditanggeuhkeun, manéhna lalaunan ngalieuk ka lebah parahu. Puguh bé ngaranjug deui Mang Linta téh, lantaran parahu téh geus euweuh ti
tempatna. Horéng geus aya di hilir, rada jauh. Kos diwelah semu rusuh, muru muara.
Mang Linta ngarénghap. Salila-lila manéhna ngajentul baé, bari teu miduli hawa janari nu beuki nyecep.
“ABAH sia, hudang!” ceuk pamajikan Mang Linta, bari ngageubig-geubig awak salakina. Mang Linta teu gancang hudang. Kalah ka ahah-uhuh, bari angger peureum. “Yeuh, hudang! Penting!” pokna deui. “Peuting manéh balik jam sabaraha?” Mang Linta nguliat. Panonna karancam-keureunceum.
Pokna bari rada kerung, “Ku naon kitu?” “Itu batur ribut jurig!”
“Jurig naon?” Mang Linta beuki kerung. “Teuing! Pajar ranggon ancoan urang aya jurigan!” “Diandel teuing, Écih!” ceuk Mang Linta, kos horéam ngajawab, perbawa tunduh nu ngagayot kénéh dina panonna. Manéhna terus hudang, jarugjag-jarigjeug leumpang muru téko dina méja patengahan.
“Itu ceuk urang lélang,” témbal pamajikanana bari angger hariweusweus.
“Kumaha cenah?” ceuk Mang Linta bari angger kos nu horéam ngajawab.
“Ceuk Si Daud mah, Pa Mantri Pulisi nu manggihanana!” “Ah, siah!” curinghak ayeuna mah Mang Linta teh, mata bolotot kos manggih kerud. Panonna mencrong ka pamajikanana.
“Ih teu percaya mah tanyakeun ka ditu!” Bi Écih daria pisan. “Éta manéh jam sabaraha balik?” “Soré kénéh...,” Mang Linta ngabohong. “Cai surut gé aing mah terus balik. Meunang sabaraha on hurang téh?” “Sakilo satengah. Teu kurang teu leuwih!” “Uyuhan meunang gé...,” ceuk Mang Linta bari nyérang ka luar.
Pamajikanana terus baé tatanya. Panasaran okosna mah. Mang Linta mah angger, ngajawabna téh kos nu purun kos nu henteu. Lolobana mah dijawab saliwatan bae, ku ngawadul sawaréh mah. Nempo kitu mah, Bi Écih gé jadi boseneun sorangan.
“Malem naon peuting téh?” Mang Linta api-api. “Juma’ah!” témbal pamajikanana. “Pantes rék aya jurig gé!” ceuk Mang Linta bari ngagoloyoh ka luar.
Enya bé, barang ku Mang Linta dipapaykeun ka RT, nu manggihan jurig téh cenah Pa Mantri Pulisi. Lengkepna mah dongéng nu manggihan jurig téh kieu. Pa Mantri peuting éta ngersakeun mancing di kali. Malah cenah
hayang di tengah mancingna téh. Ka RT ménta disadiakeun parahu. Mancingna dibarengan ku upas kacamatan. Tah, waktu keur anteng mancing di tengah téa, ujug-ujug aya nu ngajurungkunung ti jero cai, di
ranggon ancoan nu teu jauh ti dinya.
Salila ngadéngékeun, reuwas aya hayang seuri aya Mang Linta téh. “Enyaan duaan jeung upas mancingna?” pokna ka RT. “Apan aing mah nyaksian pisan koloyongna?” témbal RT. “Naha RT teu milu maturan atuh?”
“Ngajakan mah ngajakan Pa Mantri téh,” ceuk RT bari ngabéléhém, “Tapi pan aing kudu ka nu kolot, Linta. Teu dikiliran mah meureun ngamuk...”
PEUTINGNA deui, cara sasarina, Mang Linta turun deui ka kali, rék nganco. Rét ka ranggon-ranggon ancoan nu séjén, angger paroék. Teuing mémang ngambeu galagat keur euweuh hurang, teuing kapangaruhan ku dongéng jurig peuting tadi. Nu écés, Mang Linta teu wanieun ieuh betus ka nu séjén ngeunaan kasaksiaanana peuting tadi. Mana komo barang nyaho mun nu dina parahu téh Pa Mantri Pulisi.
Cara peuting tadi, hurang téh euweuhan bae. Tapi Mang Linta teu putus harepan, terus bé nagen. Ras inget kana angkatan nu panungtungan peuting tadi, geuning rada mondoyot. Boa enya, hurang téh ayaanana ka
janarikeun, mun cai geus malik surut ka hilir. Sial, peuting tadi kasaréan.
Tengah peuting, geus kareureuwasan deui Mang Linta téh. Ti hilir aya deui parahu nu ngadeukeutan ranggonna. Malah ayeuna mah teu buang jangkar, tapi tuluy ka kolong ranggon. Teu lila gé nu ngawelahna
nyalukan. “Mang Linta...?” cenah, rada halon, sada awéwé.
Puguh bé Mang Linta téh ngadégdég. Bulu pundukna tingpuringkak. Beuki ratug baé dadana barang kadéngé aya nu nérékél naék kana ranggonna. Lol nu naék téh beungeutna kacaangan ku lampu gantung. Lipenna mani burahay.
“Dédéh...?” ceuk Mang Linta, barang mireungeuh nu datang téh pamajikan RT nu ngora. Dédéh kalah nyéréngéh. Mang Linta sawan kuya. “Rék naon manéh peuting-peuting kieu?”
“Beubeunangan tadi peuting?” témbal Dédéh, kalah malik nanya. “Kuatan, mani nepi ka subuh,” pokna deui, bari gék seselepét milu diuk dina ranggon. Pagégéyé. Mang Linta samar polah. Komo barang Dédéh némpélkeun biwirna kana ceulina bari ngaharéwos, “Ulah bébéja ka sasaha nya!” cenah.